Kadang USA (aos : urang sunda asli :-D) sok leuwih ngagulkeun sareng resep ku prestasi, hal, sejarah, kabudayaan jsb bogana batur/ bangsa sejen. tibatan nu aya didiri sareng daerahna sorangan. Padahal batur mah can tangtu bisa mikaresep ka naon-naon nu aya di urang.
kaayaan eta pisan nu jadi panyakit di kiwari nu karandapan ku Urang Sunda Asli umumna Urang Sumedang Asli khususna.
naha naon wae kitu nu sok di luli-luli/ di momorekeun ku urang teh?
salah sahijina Museum Kebudayaan & Sejarah Sumedang nu dikelola ku Yayasan Prabu Geusan Ulun nyaeta yayasan kebudayaan sumedang gaduhna para raden atanapi turunan keluarga kerajaan Sumedang Larang.
Komplek Museum di bagi ka Genep wangunan nu nami sareng fungsina benten-benten, nyaeta :
kaayaan eta pisan nu jadi panyakit di kiwari nu karandapan ku Urang Sunda Asli umumna Urang Sumedang Asli khususna.
naha naon wae kitu nu sok di luli-luli/ di momorekeun ku urang teh?
salah sahijina Museum Kebudayaan & Sejarah Sumedang nu dikelola ku Yayasan Prabu Geusan Ulun nyaeta yayasan kebudayaan sumedang gaduhna para raden atanapi turunan keluarga kerajaan Sumedang Larang.
Komplek Museum di bagi ka Genep wangunan nu nami sareng fungsina benten-benten, nyaeta :
- Gedong Srimanganti. fungsina kanggo pintu masuk ka komplek museum sareng tempat majangken lukisan-lukisan/ foto-foto nu ngagambarken kayaan Sumedang ti jaman ka jaman.
- Gedong Bumi Kaler. Tempat di simpen naskah-naskah buhun, dokumen-dokumen penting, sareng barang-barang di biasa di anggo sadidinten ku para raja Sumedang.
- Gedong Gende'ng. tempat disimpen pakaean-pakaen kebesaran, senjata, sareng rupi-rupi wayang.
- Gedong Pusaka. saluyu sareng namina ieu gedong diangge tempat nyimpenna mahkota sareng siger pusaka pajajaran Mahkuta Binokasih Sang Hyang Pake, senjata pusaka (rupi-rupi Kujang, keris, patrem, pedang, gobang, badik, tumbak, panah, trisula jsb) sareng benda-benda nu di pusakakeun ti kawit raja dugi ka prajuritna.
- Gedong Gamelan. saluyu oge sareng namina gedong ieu di angge nyimpen rupi-rupi alat musik tradisional sunda samodel bonang, saron, kendang, rebab, goong, tarawangsa, kempul, jsb. Gedong ieu oge sok dijantenkeun tempat latihan nari kanggo barudak sumedang nu masih mikacinta ka kasenianna unggal sontena. Nu panungtung
- Gedong Keretek. fungsina kanggo nyimpen rupi-rupi kendaraan/kereta nu diangge ku para raja sareng kulawargina. Di dieu nupang kakoncarana di simpen hiji kareta kencana nu namina Kereta Kancana Naga Paksi, istimewana ieu kereta nyaeta kanggo ngajalankenna kedah ditarik ku jalmi mang welas-welas, be'nten sareng kereta kencana karaton lianna nu biasa di tarik ku kuda.

Gedong Keretek, tempat disimpenna kereta-kereta raja sumedang.
Kareta Kancana Naga Paksi, kereta kencana ieu wujudna mangrupa gabungan tina hewan-hewan gagah diantarana gajah nunyepeng trisula dibagian sirah, garuda dibagian jangjang, sareng naga bagian awakna. Tiap bagian ngagaduhan arti masing-masing nyaeta Trisula artina Kawijaksanaan, sirah Gajah artina Kakuatan, janjang Garuda artina Kakawasaan, sareng awak Naga artina Kajayaan (punten pami lepat). Ieu kereta kancana ngalambangken kajayaan karajaan Sumedang Larang harita.
Geningan euyeub/ seueur oge barang-barang budaya sareng sajarah nu aya di Sumedang teh khususna Sunda umumna, kumargi kitu hayu atuh urang tingali sareng lestarikeun ieu museum teh sabab pami sanes urang saha deui nu tiasa mikacinta kabudayana nyalira.